Recent

About

Materi Dongeng

   Dongéng
Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran). Nilik wandana jeung eusina dongéng téh kaasup rékaan baheula. Ilaharna dongéng téh pikeun barudak. Patempatan anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran kaayan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna. Corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus téma.
Wangenan
Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina. Budi Rahayu Tamsah nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna. Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit. Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja.
Papasingan Dongéng
Dumasar kana eusina dongéng dibagi jadi 7 nyaéta :
1.     Dongéng sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran. Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola. Dina kasusastraan Sunda, dongéng sato téh pohara lobana.
2.     Dongéng babad (Sagé)
Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di masarakat jeung dina sajarahna. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.
3.     Dongéng kahirupan Jalma Biasa (Parabél)
Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nyaéta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si Congcorang,jjrd.
4.     Dongéng mité
Dongéng Mité nyaéta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat ku masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana maot. Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, tanda-tanda alam, jsté. Mite di Indonésia dibagi jadi dua golongan dumasar kana tempat asalna nyaéta, mite asli Indonésia jeung mite nu asalna ti luar Indonésia, utamana ti nagara India, Arab jeung nagara-nagara sabudeureun Laut Tengah. Nu asalna ti luar Indonésia, umumna geus robah nepi ka siga asli carita ti Indonésia, ku lantaran kitu mite éta ngalaman prosés adaptasi. Mite nu asalna ti Indonésia umumna nyaritakeun asal-muasal jagat raya, ayana tingkat déwa, jeung mimiti manusa manggihan kadaharan saperti sangu, jagong,jsté. Contona Dongéng Déwi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.
5.     Dongéng Pieunteungeun
Dongéng Pieunteungeunnyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa. Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.
6.     Dongéng Pamuk
Dongéng Pamuk nyaéta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Contoo carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nyaéta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nyaéta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan. Contona Weasan Aki Sayang Hawu.
a.      Conto Dongéng Pamuk
Sri Baduga Maharaja (Ratu Jayadewata) ngawitan pamaréntahan jaman Pajajaran, anu maréntah salila 39 taun(1482-1521). Dina mangsa ieu pisan Pakuan ngahontal penclut perkembanganana. Dina prasasti Batutulis diwartakeun yén Sri Baduga dinubarkeun dua kali, nyaéta anu kahiji sabot Jayadewata narima tahta Karajaan Galuh ti bapana (Prabu Déwa Niskala) anu saterusna boga gelar Prabu Guru Dewapranata. Anu kadua sabot manéhna narima tahta Karajaan Sunda ti mitohana, Susuktunggal. Jeung kajadian ieu, manéhna jadi pangawasa Sunda-galuh sarta dinubarkan déngé gelar Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di karajaan Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu Dewata.
7.     Dongéng sasakala (Légénda)
Dongéng légénda nyaéta carita rayat anu dianggap (ku nu boga caritana) minangka hji kajadian nu bener-bener kungsi aya. Lumangsungna éta kajadian dina waktu nu can pati lila, sarta tempatna di lingkungan nu geus dipikawanoh ku urang ayeuna.Dongéng sasakala mngrupa golongan carita anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balaréa dianggap mibanda dasar kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa. Dongéng legenda biasana nyaritakeun asal-muasalna kajadian. Kajadian hiji tempat, tutuwuhan,sato, atawa bara. Papasingan Legenda :
a.      Legenda Agama nyaéta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama Legenda nu geus dikumpulkeun di antarana: Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat,
  1. Legenda Alam gaib nyaéta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu gaib.
  2. Legenda tokah jalma nyaéta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.
  3. Legenda tempat atawa legenda wewengkon nyaéta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya.
Sedengkeun dumasar kana palakuna dongéng téh kabagi jadi lima nyaéta dongéng fabél, dongéng legénda, dongéng sagé, dongéng parabél, Dongéng mité
Unsur-unsur pangwangun dongéng
  1. Téma, tema nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.
  2. Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nyaéta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.
  3. Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
  4. Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng
  5. Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna
Ciri-ciri Dongéng
  1. Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nyaéta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.
  2. Aya bagian anu pamohalan.
  3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
  4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
  5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
  6. Sipatna pralogis, nyaéta mibanda logika anu béda jeung logika umum.
  7. Sipatna tradisional, nyaéta sumebarna turun-tumurun.
  8. Pola ngadongéng sok angger
Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng
Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu. Dina ieu jaman, sastra anu aya teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim) kayaning carita-carita pantun, carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan, jampé-jampé, kawih, jsté. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana ti batan sastra tulis. Sastra tulis aya saba’da urang Sunda wawuh kana tradisi tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beuki maju, nyaéta ku ayana pecitakan, loba dongéng anu dimuat dina majalah jeung surat kabar. Lian ti éta ogé, aya anu dikumpulkeun jadi buku, di antarana: Dongéng disalin kana tulisan, sanggeus téknologi ngambah kana kasustraan sunda, loba dongéng anu dibukukeun di antarana :
Dongéng dirobah jadi wawacan, salain ditulis dongéng anu mimitina ngagunakeun basa lancaran bisa dirobah jadi wangun pupuh, nyaéta jadi wawacan.
Pungsi Dongéng
Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi.[19] Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng. Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngng hungkul, tapi mibanda tujuan séjén lamun ditétélakeun di handap:
  1. Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.
  2. Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.
  3. Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
  4. Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina.
  5. Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.
  6. Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.
Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975 tétéla yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Itelegence Question (I.Q) budak. Budak kakeunaan ku Virus n Ach (need for Achievement) nyaéta virus nu ngamotipasin budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana.[19] Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas ti batan barudak turunan urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Materi Dongeng"

Posting Komentar