MATERI GUGURITAN
Naon nu dimaksad
guguritan?
Kecap gurit asal tina
basa Sangsekerta grath anu hartina nyusun karangan. Dina basa
Sunda, aya istilah ngagurit atawa ngadangding nu hartina sarua bae nyaeta
nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangsing. Nurutkeun
wincikanana dangsing atawa pupuh teh aya tujuh welas, nu masing-masing
ngabogaan watek nu beda beda.
Guguritan kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi heubeul. Pangna disebut
karangan ugeran lantaran kaiket ku Patokan anu tangtu, nya eta Patoka pupuh.
Guguritan nya eta karangan pondok anu disusun make patokan pupuh (Rusyana,
1992:94). Dina Kamus Istilah sastra (1992:46), guguritan nyaeta karangan puisi
mangrupa dangding anu teu kawilang panjang.
Guguritan Nurutkeun wangunanana, gugurutan kaasup
wangun ugeran, nya eta kauger ku patokan pupuh. Ku lantaran teu panjang tea
biasana mah ukur ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina
wawacan, sarta ilaharna eusina henteu ngawujud carita (naratip). Dibacana
biasana mah dihariringkeun make lalaguan anu geus matok keur pupuh eta. Atawa
ngahaja jadi rumpaka dina pagelaran seni tembang Cianjuran. Dumasar kana hasil
panalungtikan Yus Rusyana jeung Ami Raksanagara (1980) pupuh anu pangmindengna
digunakeun dina guguritan teh nya eta (nungturun) asmarandana, dangdanggula,
kinanti, jeung sinom. Hal ieu bias jadi aya patalina jeung kabeungharan variasi
lagu keur pupuh eta, atawa jeung sipat lalaguanana.
Istilah dina Guguritan
- Pada
- Padalisan
- Guru
Wilangan ( jumlah engang dina unggal padalisan )
- Guru
Lagu (dangdingdungna sora vokal dina engang panungtung)
Eusi sareng Unsur
Guguritan
Eusi
- Piwulang,
upamana wae, Wulang Krama, Wulang Murid, Wulang Guru karangan R. Haji
Muhamad MusaAsmarandana Lahir Batin karangan R.A. Bratawijaya:
- Pangalaman
kabatinan, contona guguritan karangan Haji Hasan Mustapa
- Kawaasan
alam, contona Dangdanggula Laut Kidul karangan Kalipan Apo,
- Kajadian,
contona Kiamat Leutik karangan Tubagus Jayadilaga, jeung
- Surat,
biantara, jeung buka pintu. Guguritan anu eusina surat jeung biantara,
upamana anu dikumpulkeun ku R. Danureja dina buku Serat-sinerat Jaman
Jumenengna Raden Haji Muhammad Musa(1929).
(Rusyana, 1992:95)
Unsur
Unsur
Guguritan tema, rasa, nada, jeung amanat; sarta unsur anu aya patalina jeung
struktur luar, nya eta pilihan: pilihan kecap, imajinasi, lambing, majas,
wirahma jeung pedotan, purwakanti, guru lagu, jeung guru wilangan.
Conto Guguritan
- Asmarandana
Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan. Unggal Pada diwangun
ku tujuh padalisan.
- Balakbak
Watekna pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku 3 padalisan.
- Dangdanggula
Watekna bungah atawa agung. Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
Laut Kidul (Dadang Sulaeman)
Sumiriwing angin
ngahariring (10-i)
rarandegan Radén pangapungna (10-a)
ngadongdon nu kapiomong (8-o)
nalutur nu kacatur (7-u)
ngilik-ngilik geusan keur ngancik (9-i)
anggang mo burung datang (7a)
jauh wandé cunduk (6-u)
témbong daun kalapana (7-a)
tingarulang oyag katebak ku angin (12-i)
dayeuh di Pajajaran (7-a)
0 Response to "MATERI GUGURITAN"
Posting Komentar