Materi Sajak
SAJAK
Sajak mangrupa salah sahiji karya sastra
sunda modern. Sajak kaasup kana karya sastra wangun puisi, nyaeta karya sastra
nu ditulis dina wangun ugeran. Ugeran dina sajak beda jeung karya satra ugeran
lianna, saperti sisindiran, wawangsalan. Ugeran dina sajak mah dina harti
ditulis winangun pada (bait). Jumlah pada jeung padalisanna teu ditangtukeun,
jadi sakahayang pangarangna.
Ciri-Ciri Sajak
- Kaasup kana karya sastra modern.
- Mangrupa karya sastra sampeuran.
- Ditulis dina wangun ugeran.
- Jumlah jajar, bait, atanapi suku kata na
bebas.
Unsur-Unsur Sajak
- Tema / Jejer / Topik.
- Judul.
- Amanat.
- Gaya Basa / Majas, nyaeta runtuyan kecap atawa
kalimah nu ngandung harti injeman (konotatif)
A.
Harti jeung Watesan Sajak
Sajak
nyaéta karya sastra wangun ugeran (puisi) anu teu pati kauger ku
patokan-patokan, nu matak sok disebut ogé sajak bébas atawa puisi modérn. Bébas
didinya, tangtuna ogé rélatif. Upami dibandingkeun jeung guguritan, anu ditulis
dina wangun pupuh, jelas sajak mah leuwih bébas. Sajak henteu kauger ku jumlah
padalisan dina sapadana, jumlah engang dina unggal padana, atawa sora tungtung
dina unggal padalisan.
Sajak
kauger ku diksi jeung wirahma (nu matak henteu disebut wangun lancaran).
Wirahma mangrupakeun ciri utama anu ngabédakeun wangun ugeran jeung wangun
lancaran. Wirahma karasa leuwih nonjol dina sajak, bisa jadi lantaran
uger-ugeran séjén saperti
nu aya dina pupuh teu dipaké.
B.
Wangun Sajak Sunda
Diténjo tina wangun jeung eusina, ragam sajak téh
kabagi jadi :
1. Sajak épik, nyaéta sajak anu
eusina ngandung carita kapahlawanan anu aya patalina jeung sasakala, kayakinan,
jeung babad. Sajak munggaran anu kalebet sajak épic dikarang ku Ajip Rosidi nu
judulna ‘’Janté Arkidam’’ taun 1956.
Sajak
séjénna nyaéta sajak anu judulna ‘’ Bagus Rangin’’ karya Ajip Rosidi ogé,
eusina nyaritakeun Bagus Rangin anu dumasar kana agama ngabangkitkeun
sumanget bangsana pikeun ngalawan panjajah Balanda di daerah Jatitujuh,
Jatiwangi abad ka-19.
Conto:
Janté Arkidam
Panonna beureum siki saga
Leungeunna seukeut lalancip gobang
Niplasan badan palapah gedang
Arkidam,
Janté Arkidam. Jsté.
2. Sajak naratif, nyaéta
sajak anu eusina ngandung hiji carita atawa biasa disebut ‘’balada’’. Anu
kaasup kana balada téh nyaéta folk ballad jeung literary ballad,
anu ngisahkeun kahirupan manusa ku sipat asih, dengki, boh timburuna. Wangun
séjénna anu kaasup sajak naratif nyaéta poetic tale anu eusina
nyaritakeun dongéng.
Conto:
Ruhak
Geuning
anjeun lir arjuna sasab
Mentangkeun rěwuan jamparing
nu kapentang lir di usap angin
Sumilir serah bongkokan
Geuning anjeun lir arjuna kasmaran
Ngiceupan rewuan bidadari
Nu kabandang kumalayang
Katiruk ati
Geuning anjeun lir arjuna ědan
Malati ladang metik terus dijeuwang
Aing lain aswatama sumegruk
Bima nu siap padungdung ngababuk jajantung
3.
Sajak lirik, nyaéta sajak anu eusina ngbréhkeun naon anu dirasakeun ku manah
hiji jelma. Wangun sajak lirik seueur ditulis dina khazanah sastra modérn
Indonésia.
Conto:
Honcéwang
Langit angkeub nyimbutan katumbiri
Panon poé surup
ninggalkeun bumi
Salira teu béngras sabihari
Angin tiis pamirig kapeurih ati
Paneuteup teu anteb siga sasari
Sakolébat ngajorelat balieus ka jisim diri
Kunaon langit teu béngras lénglang
Sedeng haté
mitineung ringrang honcéwang
Naha kunaon katumbiri taya gumawang deui
Maturan kuring nu ngalagena ati. Jsté.
4. Sajak dramatik, nyaéta sajak
anu eusina ngagambarkan paripolah hiji jelma, boh digambarkeun ku kalakuan,
dialog, atawa monolog.
Conto:
Sajak
Peragawan
Poé
ieu ngagaeuleuyeung dina sedan bmw taun ahir
Mencrong
sawah salin jinis jadi pabrik
Sapi
cacingan, orok ceurik teu kasusuan, patani keur ngaboséh béca
Lagu
rock, barudak buligir ajrag-ajragan na kamalir nu pinuh sasalad. Jsté.
Sajak didaktis, nyaéta sajak
anu eusina ngandung pangaweruh atanapi nilei-nilei atikan.
Conto:
GURU
Karya: Siti wasilah
Pangabdian, pangorbanan
Nu tos ibu bapak guru korbankeun
Moal ka étang
Moal ka bayarku saukur ucapan nuhun
Moal ka ganti ku intan jeung berlian
Moal leungit ku gedé
na ombak samudra
Jasa jasa ibu bapak guru
Tos nyaangkeun haté
simkuring
Nu poék mongkléng
tanpa pangaweruh
Dugika sapertos ayeuna..
6.
Sajak satirik, nyaéta sajak nu eusina ngandung sindiran atawa kritik ngeunaan
kahirupan masarakat.
Conto:
Taun 2000 Aya Kénéh Lembur?
Taun 2000 aya kénéh lembur?
Ngan ranteng kawat listrik, sinyal-sinyal jeung kotak
kaca ngalimpud beton.
Ti gang ka gang aya élévator, lampu disko, jeung papan
reklameu.
Panggih dihiji lembur pinuh kuamparan aspal jeung
plastik, sora radio jeung angina bayeungyang. Mawa
titipan pakét dongéng purba…,jsté
7. Romance, nyaéta sajak anu
eusina ngébréhkeun rasa asih atawa cinta ka hiji jelma.
Conto:
Parapatan Katrésnan
Tah didinya ditempat éta
Urang duaan pateuteup soca
Tah harita lebah dinya
Dag dig dug haté masih karasa
Parapatan lebah pudunan
urang nepungkeun kaasih katrésnan
Saksi rundayan katrésnan waktos tepung munggaran
Tah didinya dipéngkolan simpang lima
Salira nyepeng panangan ngedalkeun kaasih kacinta
Jsté.
8. Elegi, nyaéta sajak anu
ngébréhkeun kanalangsaan atawa kasedihan.
Conto:
Asih nu Mawa Peurih 1
Asih surup ngudag srangéngé
Haliwungna ati anu ngageuri
Kembang trésna ngawagu wayahna
Rumasa raga teu walakaya
Geuning enya diri
ngarasa
Lieuk euweuh ragap teu
aya
Ukur keclak ibun katrésna
Ngalemberéh maseuhan
satia
Naha enya teu aya harga
?Jsté.
9. Ode, nyaéta sajak anu eusina
ngandung pujian kanggo jelma anu miboga jasa jeung sifat kapahlawanan.
Conto:
Pahlawan
Toha
Arinyana
datang ka Indonésia
Rék
ngagahgal nyawa
Rék
ngarebut nagara
Lain heuheureuyan
Lain heureuy-heureuyeun
Lain heureuyaneun
Ngéntab amarah patriot Toha
Ngeleb wawanéna
Sumangetna ngagedur museur kana gudang mesiu
Gudang mesiu kudu ajur
Mamatih angkara kudu diala. Jsté.
10. Himne, nyaéta sajak anu eusina
ngébréhkeun rasa cinta ka Gusti atawa ka bangsa jeung lemah cai.
Conto:
Lembur Panineungan
Hujan nu ngaririncik mawa lamunan nu lawas katukang
Katembong lebah tanjakan tutuwuhan arajeg mapay ngajajar
Gunung nangtung bangun taya kasuwung
Sawah ngeplak lir ibarat permadani nungampar ngagelar
Bréh
ka béh kidul…
Walungan matak waas tetempoan
Tangkal kihurip ngareuy mapay dahan muncang sisi gawir
Bray ka belah kulon ngembloh satungtung panenjo
Kebon sabangsaning palawija selang sekar dipelakna
Tanah pasundan tanah kahuripan
Lembur kuring panineungan
C.
Unsur-Unsur Sajak Sunda
Dumasar kana unsur-unsurna, sajak diwangun ku
sababaraha unsur, diantarana:
1. Imaji (implengan) gambaran anu
karasa, kadangu, jeung katénjo sanaos ngan ukur dina bayangan.
2. Simbol, nyaéta harti injeuman
pikeun ngébréhkeun maksad eusi sajak.
3. Irama atawa wirahma nyaéta
panjang pondokna nada dina lagu.
4. Téma nyaéta inti tangtungan
atawa inti ageman anu sipatna abstrak.
5. Gaya basa dina sajak bisa
kapangaruhan ku pangalaman atawa kasangtukang pangarang sajak.
D.
Kiat Nulis Sajak
Dihandap aya sababaraha perkara anu tiasa ku urang
diperhatikeun lamun badé nulis sajak:
1. Milih téma anu cocok
2. Jembaran kosakata basa sunda urang,
sangkan kecap-kecap dina sajak téh beuki genah tur merenah, bisa ogé ku cara
loba maca caritasunda.
3. Sing sering jeung leukeun maca
sajak pikeun nambihan pangaweruh ngeunaan sajak.
4. Sering latihan nulis sajak, beuki
sering latihan, pasti bakal leuwih alus kualitas sajakna.
Aya
ogé
cara anu bisa dipilampah ku guru pikeun ngabina
murid dina nulis sajak:
1. Guru mawa
murid ka luar kelas.
2. Di luar
kelas murid bisa nempo pemandangan dumasar kanyataan.
3. Guru
miwarang ka murid pikeun nuliskeun naon anu ditenjo jeung naon nu dirasa.
4. Guru
nyarita ka murid pikeun nulis sajak anu matok tina sagala anu ditenjo jeung
dirasakeun sakumaha kahayang murid.
E.
Maca Sajak anu Bener
Dina kagiatan maca,
neuleman, ngararasakeun, jeung ngajén teks (aprésiasi) sajak téh kudu
dipilampah kalawan daria, sabab ieu kagiatan téh kawilang nu pangutamana,
éta kagiatan téh bisa dibagi deui jadi tilu rupa, nyaéta (1) ngaguar teori
sastra, (2) ngaguar éséy, jeung kritik sastra, sarta (3) ngaguar sajarah
sastra.
Cara kahiji, nyaéta
kagiatan nalungtik kumaha wangun sajak, kumaha fungsina, jeung kamana
pangalaman-pangalaman sastrawan nu dideudeul ku rupa-rupa karya sastra
nurutkeun pamanggih atawa analisis para ahli teori sastra.
Cara kadua, nyaéta
kagiatan ngaguar karangan-karangan atawa esey anu aya patalina jeung karya
satra (sajak), nu medar ngeunaan hade jeung gorengna éta sajak.
Cara katilu, nyaéta
kagiatan ngaguar kamekaran sastra (sajak) ti mimiti gelar nepi ka kiwari, boh
lobana karya sastra nu gelar, ajén sastrana, boh tokoh nu kalibet dina
kamekaranana.
Hal-hal anu perlu
diperhatikeun sateuacan maca sajak, diantarana:
1.
NyurahanSajak
Pamaca sajak kudu bisa nyurahan (napsirkeun) eusi
sajak saméméh midang. Pamaca sajak kudu bisa ngahartikeun eusi sajak, atawa
paling saeutik kudu bisa ngararasakeun suasana, émosi nu nyangkaruk dina hiji
sajak. Napsirkeun sajak bisa ku cara parafrase nyaéta ngarobah hiji puisi jadi
prosa ku cara nambahkeun kecap-kecap sorangan kana sajak nu nyababkeun sajak
jadi gampang dipikaharti. Atawa, ngahartikeun deui eusi sajak ku kecap jeung
kalimah sorangan.
Pamaca sajak kudu
eungeuh kana kecap-kecap konci dina hiji sajak. Upamana dina hiji sajak aya
kecap ceudeum, kulawu, berewit, késang, cimata, bisa ditangtukeun yén éta sajak
téh moal jauh ti nyaritakeun kasedih. Mun dina hiji sajak aya kecap seuneu,
ngagedur, peureup, beureum, bisa ditangtukeun yén eusi sajak téh nyaritakeun
sumanget atawa kaambek.
2. Lenyepan (Penghayatan)
Lenyepan
ditangtukeun pisan ku hasil tina nyurahan kana hiji sajak. Mun nyurahanana
kaliru, tangtu baé lenyepan dina maca sajakna ogé bakal kabawa salah. Upamana
baé, hiji sajak nu eusina nyaritakeun kasedih, der digalantangkeun bari ambek
tipopolotot, atawa sabalikna ti éta. Alhasil, pamaca sajak kudu
bener-bener bisa nyurahan heula hiji sajak saméméh magelaran.
Lenyepan ogé kuat
patalina jeung émosi. Hiji sajak kudu dibaca luyu jeung rasa atawa émosi nu
nyangkaruk dina hiji sajak. Takeran rasa kudu pas jeung eusi sajak. Mindeng
urang nyaksian pamaca sajak ngadon nyegruk, atawa ceurik balilihan.
3. Artikulasi
Artikulasi dina maja sajak nyaéta kajéntréan lebah
ngucapkeun hurup, kecap, atawa kalimah. Dina maca sajak aya nu disebut cacad
artikulasi, nyaéta, teu jelas dina ngucapkeun hurup lantaran létah si pamaca
henteu nepi kana wewengkon artikulasi.
Upamana dina ngucapkeun hurup M biwir kudu
rapet, jeung sajabana. Mun artikulasina teu jéntré, nu ngabandungan bakal
jéngkél jeung sajakna ogé bakal teu puguh kapirengna. Aya sawatara cara pikeun
latihan artikulasi, diantarana ngalapalkeun kalawan gancang kalimah-kalimah nu
hésé, upamana ; laeur mapay areuy, ban oplét opat, babu ibu abi.
4. Intonasi
Intonasi téh lagu kalimah atawa lentong. Intonasi
dina maca sajak ditangtukeun pisan ku sajakna. Intonasi karék bisa genah
karasana lamun pamaca sajak bisa nyurahan tur ngalenyepan eusi sajak. Réa
pamaca sajak nu ngaheulakeun lentong batan ngalenyepan sajak. Lentong mah bakal
nuturkeun mun pamaca sajak bener-bener geus ngajiwaan eusi sajakna.
5. Wirahma
Wirahma téh nyaéta turun-naékna,
panjang-pondokna, tarik alonna maca sajak. Nya wirahma pisan nu
ngalantarankeun rasa jeung pikiran dina sajak terus karasa ku audien, ngawangun
imaji nu hirup tur jéntré. Wirahma ngawujud tina tekenan-tekenan kana kecap.
Aya nu disebut tekenen dinamik; tekenen tarik jeung alonna ucapan.
Tekanan Nada: luhur
jeung handapna sora. Tekanan Tempo; gancang jeung ancana dina ngucapkeun
kalimah. Sing jadi catetan yén pamaca sajak téh kudu ati-ati dina ngagunakeun
témpo. Témpo
kudu pas, ulah gancang teuing boh anca pisan.
6. Randegan
Randegan atawa jéda téh nyaéta eureun sakedapan.
Pamaca sajak dina macana teu nurugtug kitu baé. Lian ti ngarandeg dina
tanda-tanda baca, atawa antara pada (bait) jeung pada, pamaca sajak ogé kudu
ngarandeg lebah kalimah-kalimah penting dina sajak, sangkan audien bisa
ngalenyepan éta kalimah penting. Randegan kieu téh digunakeun saperluna baé,
sabab lamun mindeng teuing mah bakal mangaruhan kana témpo.
7. Klimaks
Sajak anu bakal geunah kadanguna nyaéta sajak anu
dibaca atra jeung karasa klimaks atawa puncakna sarta pamaca bisa ngabina
puncak. Nu disebut ngapuncak téh nyaéta nahan émosi, nahan sora, nahan témpo,
saméméh nepi ka puncakna dina éta sajak.
Upama hiji sajak
diwangun ku opat pada, tur klimaksna aya di pada katilu, pamaca sajak kudu bisa
nahan émosi, témpo, sora dina pada kahiji. Dina pada kadua, émosi, sora, témpo,
mimiti ditingkatkeun. Dina pada katilu (puncakna téa), émosi, sora jeung témpo
dimaksimalkeun pisan. Dina pada kaopat minangka
antiklimaks-na, émosi, sora jeung témpo diturunkeun deui.
8. Pasemon jeung Réngkak
Pasemon (mimik) tangtuna ogé diluyukeun jeung rasa
nu nyangjaruk dina sajak nu dibaca.
Pasemon, ruak-riukna pamulu, gular-gilerna panon, ditangtukeun pisan ku jero
déétna panglenyepan kana sajak nu dibaca. Sedengkeun réngkak; usikna leungeun,
meureup, ngacung, gilek sirah, gejlig atawa léngkah, fungsina pikeun leuwih
ngajéntrékeun naon maksudna eusi sajak. Réngkak ogé kudu puguh maksudna.
Réngkak nu réa usik, bisa jadi matak teu puguh kana naon nu rék
dijéntrékeun.
F.
Conto jeung Analisis Sajak
1. Conto sajak
PAHLAWAN
TOHA
Gubrag
Indonésia merdéka
Tentara
Jepang nyingray
Jebul
sekutu
Nyusup
tentara Walanda
Nyarayang
di nagara urang
Di
Bandung Selatan
Mesiuna
sagudang
Bekel
sapuluh tauneun perang
Merangan
bangsa urang
Patriot
Toha ti pakumpulan Banténg
Awas
kana rencana angkara
Arinyana
datang ka Indonésia
Rék
ngagahgal nyawa
Rék
ngarebut nagara
Lain
heuheureuyan
Lain
heureuy-heureuyeun
Lain
heureuyaneun
Ngéntab amarah patriot Toha
Ngeleb wawanéna
Sumangetna ngagedur
museur kana gudang mesiu
Gudang mesiu kudu
ajur
Mamatih angkara
kudu diala
Takdir kiat ti ajali
Mohamad Toha pituin orang Sunda
Anu dibabarkeun di Bandung taun 1926
Dikabulkeun niat sucina ku Gusti
Gudang mesiu ajur anjeunna gugur
Mohamad Toha gugur dina ping 11 Juli 1946
Mugia amal saéna ditampi ku Alloh SWT
Amin
ya robal ‘alamin
2. Nganalisis Sajak
Perkara anu dianalisis dina sajak nyaéta ngawengku unsur
jero: téma, rasa, nada, jeung amanat. Sedengkeun unsur luar sajak ngawengku:
diksi (pilihan kecap), imaji (implengan), kecap nyata (kecap nu miboga harti nu
tangtu), majas (gaya basa), jeung ritme/irama.
Conto:
kagiatan nganalisis sajak “Pahlawan Toha” dumasar kana unsur-unsur sajak
diantawisna: téma, eusi, perasaan, nada, jeung amanat.
a.
Téma
Téma sajak “Pahlawan Toha” nyaéta
patriot Toha ngajurkeun gudang mesiu.
b.
Perasaan
1) Perasaan ceuceub
Perasaan ceuceub ka bangsa nu rék ngajajah ditebrakkeun
dina ungkara “ngentab amarah patriot Toha”. Amarah patriot Toha ngentab wiréh
anjeunna parantos uningaeun kana rencana sareng bekel perang musuh. Patriot
Toha teu ihlas nagara diranjah ku bangsa deungeun. Kantenan bekelna nu sakitu
seueur, manaha murudulna korban ti bangsa urang, digahgal/diperangan salami
sapuluh taun. Patriot Toha ijideun ka sikap angkara nu lalicik kantenan kedah
gilinggisik.
2) Perasaan sumanget
Perasaan sumanget patriot Toha timbul,
dikasangtukangan ku rasa ceuceub ka nu rék ngajajah, lebar ka nagara, sareng
nyaah ka bangsa. Hal éta ngadorong kaperkasaan kanggo ngalaksanakeun cita-cita
anjeunna.
3) Perasaan reueus
Persaan reueus patriot Toha kabaca dina waktos
anjeunna badé ngancurkeun gudang mesiu. Sanaos kaayaanana samporét tagiwur
dilingkung ku musuh, sajorélat baé mah aya rasa reueus dina manahna. Reueus
wiréh gudang mesiu nu dicita-citakeunna téh tos aya dina genggeman. Lintang ti
éta ogé, kabaca rasa reueus pangeusi nagri wiréh gudang mesiu kakuatan musuh
ajur.
4) Perasaan sedih
Perasaan sedih katangkep dina situasi nagara anu teu
aman, ngan dijajah sareng dijajah baé. Sanaos tos merdéka ogé diarakalan badé
dijajah deui. Gugurna Pahlawan Toha kantenan ngahudang rasa sedih ka bangsa
Indonésia utamina kulawargana.
c.
Nada
Dina sajak “Pahlawan Toha” nada mikacinta ka lemah
cai ditembrakeun ku sikep-sikep patriot Toha. Patriot Toha teu owel ku nyawa,
ageung tanggel waler, boh ka nagara, boh ka bangsa. Padahal anjeunna
parantos uningaeun, yén musuh téh sanés heuheureuyan (serius) badé ngabinasa
bangsa urang téh, sanés heureuy-heureuyaneun enyanaan musuh téh tohaga, sanés
heureuyaneun bangsa urang deuih, sanés sareng panyawang. Sedengkeun, patriot
Toha kalah ngajaul ngumbar cita-citana. Éta téh hiji tawis yén anjeunna
leres-leres mikacinta ka lemah cai sareng nyaah ka bangsa.
d.
Amanat
Amanat sajak “Pahlawan Toha” lemah cai tiasa kajait
ku perjoangan wargana nu tos pati jiwa raga. Ku sabab éta, merjoangkeun nagara
dina kaayaan bahaya ulah satengah-satengah.
0 Response to "Materi Sajak"
Posting Komentar