TEKS DRAMA SIRUNG PAJAJARAN
Sirung Pajajaran
Pulasari Pandeglang 10 Mei 1579
Sanggeus Karaton Pulasari Pandéglang kacangking ku wadyabalad Surasowan Banten, bénténg pamungkas Pajajaran di tungtung kulon runtag. Rahayat bubar katawuran, séwang-séwangan nyalametekeun diri. Sababaraha pamuda welasan taun tingkuniang tina panyalindungan dapuran hanjuang. Maranéhna, pamuda leungiteun harepan kahirupan.
Bujang 1: Jeueung ituh! Silalatu
ti lebah karaton teu pareum-pareum! Leuh, dayeuh Pulasari tangtu geus jadi
ruhak?!
Bujang 2: (Sedih) Bapa kuring tiwas katiruk panah lebah dadana. Indung
katinggang tihang karaton nepi ka henteuna. Adi-adi … teuing kumaha nasibna …
Bujang 1: “Silalatu kalah beuki
ngalobaan! (bari neuteup ka jauhna) Seuneu! Euleuh! Seuneu deui baé!? Tangtu
geus ngalĕntab ka imah kuring!
Bujang 2: Hayam sakandang, kabĕh
gĕhĕng jadi ruhak. Mangkaning meunang ngingu ti anakna kĕnĕh.
Bujang 1: Leuh! Leungit ge tangtu
kabeuleum! Ti mana kuring dahar?
Bujang 3: Ieueueueueueueung! Ieu
beuteung peurihhhhhhh! Lapar.
Lanjang1: Leuh karunya teuing? Ieu
aya kĕnĕh bongborosan, lumayan keur ganjel beuteung.
Bujang 3: (bari nampanan) Geus dua
poĕ ngan ngadaharan nu karieu, iraha atuh urang téh bakal manggih sangu?
Lanjang1: Wayahna wĕ atuh lur, batan
peujit murilit kitu mah … Keun sugan engkĕ di pangungsian sĕjĕn urang manggih
beubeutian …
Lanjang 2: Ah beubeutian nu kumaha
deui, tangtu di lembur mana baé ogĕ geus teu nyĕsa! Nu puguh mah, urang bakal paéh
kalaparan …
Bujang 1: Ngaleutikan silalatu téh
ayeuna mah … Ngan baé, taya hartina. Urang moal bisa balik deui ka dayeuh
Pulasari …
Bujang 2: Bangkĕ-bangkĕ sinatria
pasolĕngkrah! Getih ngabayabah, maseuhan jukut, maseuhan tegalan! Bapa kuring,
duh bapa …
Bujang 1: Meungpeung simpĕ, hayu
urang miang deui!
Bujang 3: Miang? Miang ka mana?
Bujang 1: Nĕangan tempat nu leuwih
aman!
Lanjang 1: Enya, bari sakalian
nĕangan lembur nu rĕa kĕnĕh dahareunana!
Lanjang 2: Sarupaning kadaharan,
tangtuna gĕ geus dirampas ku musuh.
Bujang 3: Tuh nya?! Mending gĕ
cicing baé di dieu, bari ngadagoan nu ngaliwat.
Lanjang 1: Rĕk naon?
Bujang 3: Rĕk mĕnta babawaanana,
sugan wĕ …..
Bujang 2: Montong!
Bujang 3: Naha?
Bujang 2: Teureuh Pajajaran mah tara
kumawani ngarebut banda batur!
Bujang 3: Alaaaaah, dia mah sok
adigung. Keur kalaparan kieu mah, kumaha wĕ atuh carana. Batan kudu paéh teu
pupuguh ma?! (ka lanjang 1) Nya
Nyai, kitu lin?
Lanjang 1: Ih, teuing atuh?!
Lanjang 2: Bener! Indung leungit
bapa musna, teu dulur teu baraya, kuring mah haying kĕnĕh hirup.
Bujang 2: Kabĕh gĕ harayang kĕnĕh
hirup, tapi loba kĕnĕh cara sĕjĕn pikeun ngeusian beuteung mah?!
Lanjang 2: (sinis) Eusian ku taneuh?
Bujang 2: Nya ari beuki mah pĕk baé!
Lanjang 2: Ari geus kudu dieusian ku
naon ieu beuteung téh?
Bujang 2: Yeuh Nyai … Apan cĕk
Patikrama gĕ, loba raja nu tatapa nahan lapar mangbulan bulan, sangkan dirina
sakti mandraguna, teu teurak ku tumbak, teu teurak ku ruruhit jamparing, teu
teurak ku ….
Bujang 3: Bohong! Geuning bapa
kuring gĕ nu getol tatapa, dirempug ku wadyabalad Surasowan Banten mah tetep wĕ
paéh?
Bujang 2: Paéh mah lain urusan bapa Manéh!
Tapi urusan Hyang Tunggal!
Bujang 3: Alaaaah! Manéh mah sok
kokolot begog! Kawas nu ngarti wĕ!
Bujang 2: Ah nya ngarti wĕ da sok
ngadĕngĕkeun papatah kolot, manasina Manéh, nu diurusanan téh ngan dahareun baé!
Bujang 3: Atuh jalma teu dahar mah
bakal paéh!
Bujang 2: Paéh téh lain ngan ukur
teu dahar wungkul!
Bujang 3: Teu bisa! Nu pasti teu
dahar mah tangtu paéh! Paéh! Paééééhhh! Wĕw!
Bujang 2: Teu, teu kitu! Buktina
bapa Manéh nu kasohor beuki dahar, tara kakurangan dahareun, buktina ku musuh
mah bisa paéh?
Bujang 3: Meureun wĕ bapa kuring
keur cileureun, musuh teu kanyahoan datangna?!
Bujang 2: Lain ah! Puguh paéhna gĕ
keur jaga lawang sakĕtĕng, keur nundutan, nu rampus mah puguh gĕ sok beuki
hĕĕs!
Bujang 3: Ĕĕh? Manéh ngahina ka bapa
dĕwĕk?
Bujang 2: Ah da kitu buktina …..
Bujang 3: Bukti kumaha? Cĕk saha
hah?
Bujang 2: Cĕk bĕja …
Bujang 3: Ulah sadĕngĕ-dĕngĕna! Komo
bapa Manéh mah paéhna gĕ leuwih hina!
Bujang 2: Hina? Hina kumaha?
Bujang 3: Apan katiruk panahna gĕ basa
keur ngising dina rungkun, wĕw!
Bujang 2: Ngahina siah ka dĕwĕk?
Bujang 3: Manéh nu ngahina mah!
Bujang 2: Manéh !
Bujang 3: Manéh !
Bujang 2: Manéh !
Bujang 3: Manéh !
0 Response to "TEKS DRAMA SIRUNG PAJAJARAN"
Posting Komentar